Ieu kajadian basa kuring keur umur 12 taun, ari lanceuk kuring kang Otim keur 15 taun kajadian dina taun 1960-an keur umum keneh mun bulan puasa keur lilikuran sok mawakeun ngirim sangu jeung sapuratina.
Harita oge indung kuring sok mawakeun ka raka-rakana nu tiluan anu jarakna jarauh. Nu kahiji di Cibacang nyaeta Uwa Sunita, nu kadua Uwa Hj. Siti Rohmah di Sekelonje, nu katilu Uwa Onah di Andir, Ciporeat. Harita mah tong boro-boro aya ojeg, angkot nu ngaran oplet oge carang keneh. Mangkaning bumina teh teu aya anu di sisi jalan, kudu nonggoh nyorang tanjakan. Ari indung kuring nitahna teh keur meujeuhna panas poe mentrang kira-kira tabuh hiji mangka harita teh keur halodo banget.
Ki Lanceuk mawa rantang dua kantet di jingjing kenca katuhu kuring mawa sajingjingan. Mimiti nu dijugjug teh Uwa Sunita heula da eta nu pangdeukeutna ti imah teh. Tah lebah Taman Cipadung di nu iuh ku tangkal Caringin, Ki Lanceuk ngajak ngiuhan gek we diuk dina akar Caringin nu suni teu kaciri nu lalar liwat. Setan mimiti ngagoda Ki Lanceuk mimitina teh. “Sup, da urang teh cape keun lah batal sapoe mah da bisa di kodo ieuh, urang dahar we yu sakantet sewang, bisi nyesa mah urang piceun we didieu!.
“Ah, alim kang bisi ema nyeuseulan ! “ kuring nolak pangajakna.
“Moal, da moal terangeun ieuh ! sok lah! Tuh, tingali pasakanna mani seungit kieu ! “
Kuring eleh deet, nurut kana kahayang Ki Lanceuk.
Dina poe lebaran uwa-uwa teh sumping. Mangka, hareupeun kuring Uwa Haji jeung Uwa Onah nyarios kieu “ Naha Iah teu werat sedekah taun ieu mah ? di arep-arep teh, teu mawakeun ka Aceuk “ Uwa Haji Nalengteng
Indung kuring kageteun mencrong ka kuring jeung Ki Lanceuk, “Naon ari Aceuk !” basa ping tilu likur teu nyanggakeun sangu ka ditu, malih sareng ka Kang Sunita “.
“Nyaeta, euweuh nu matak nanyakeun oge, moal di arep-arep mun tara mah. Lantaran sok biasa mere, nya Aceuk teh ngarep-ngarep malah keur ngabalesna oge geus disadiakeun.”
“Hapunten we Ma, Uwa “ Ceuk kuring arapap eureupeup, Ki Lanceuk ngeletan.
“Heueuh, dihampura ngan dikamanakeun atuh pangna henteu nepi teh ? “
“Di teda di Astana Cipadung, dan Kang Otim ngajak wae. Mun Usup alim kedah dianteurkeun ku sorangan. Da teu ludeung ari nyalira mah “ ceuk kuring ngabela diri.
“Heueuh, keun bae ari didalahar mah, ngan omat nya ulah sakali-kali deui ! hayang buka mah bebeja we, da moal burung dibere ari teu kuat mah, ulah maling-maling kitu, doraka ! Ongkoh dorakana teh ku dua ku tilu. Doraka dahar lain wayah jeung doraka ngadahar hak batur sasat hak Uwa, Uwa Haji Rohmah Mapagahar.
Kamis, 11 Maret 2010
Langganan:
Posting Komentar (Atom)

Tidak ada komentar:
Posting Komentar